HARÉWOS TI HULU CAI

HARÉWOS TI HULU CAI

Ku Oesep Kurniadi

Kapaksa kuring ngiclik nuturkeun babaturan sanajan haté mah ngutupluk. Teu kira-kira pisan boga dunungan téh ngadon nitah gawé lain jamna. Enya gé aya lemburan, tapi ku ngadadakna nu matak séwot. Abong ka pagawé anyar, jiga ngospék wéh barang titah téh. Kudu pok sok. Diheunteu-heunteu ogé kuring téh sarjana anyar lulusan paguron luhur nu kawéntar, titélna ogé arsiték. Ngan nya kitu, di tempat gawé mah angger kuring téh dianggap bolon, dibéré pagawéan ngukur tanah pikeun kaperluan siteplan, surveyland, atawa maket.

Kuduna, jam lima soré téh mangsana kuring mulang gawé. Ngan poé ieu mah kapaksa kudu indit ka lapangan, dititah ngukur lahan jang ngabangun apartemén di wates kota. Ceuk dunungan mah kudu ayeuna pisan da isukan kudu préséntasi ka para invéstor. Sanajan horéam da wanci nyedek ka sareupna, kapaksa kuring jeung babaturan indit ka wates kota. Apal lebah-lebahna mah ngan teu nyaho kumaha kaayaanana éta lahan piaparteméneun téh. Atuda deukeut jeung mindeng kaliwatan wewengkonna mah mun arék pelesir.

Anjog ka nu dituju, kuring rada ngagebeg. Teu nyangka di kota gedé modél kieu, aya kénéh leuweung sanajan nu katempo ngan ukur geledegan tangkal awi. Sababaraha, kuring apal ngaran-ngaran éta awi da kungsi cicing di lembur, ngan lolobana teu apal. Éstu, loba dapuranana jeung réa jenisna. Hareupeun bénténg wates lahan, ngagolontor cai dina curug leutik sababaraha umbag. Kaambeu bau jiga cai cubluk ti paimahan. Ngan rada hemeng ogé, ti gigireunana cur-cor cai hérang pisan jiga cinyusu. Lain ukur hiji, aya limana nu kaitung mah.

Di tungtung lamping, katempo aya wangunan bodas polet biru. Ceuk babaturan mah éta téh gedong cai jieunan Walanda taun 1921, nu kiwari caina dialirkeun ku pamaréntah jang kaperluan cai bersih rahayat sakota. Sabot nilik-nilik éta tempat, babaturan nyodorkeun golongan méteran.

“Buru, bisi kapoékan. Rada keueung urang mah. Jig, énté nu mudun. Kop wéh duit lemburan mah jang énté,“ pokna bari nitah kuring nu ngukur langsung. Manéhna mah cicing dina batu démprak deukeut témbok bénténg bari masang theodolit. Kapaksa kuring ngaléngkah bari ngagandong rangsel tempat pakakas ngukur. Haté mah sarua jeung manéhna, keueung.

Kukurusukan kuring mudun mapay jalan satapak nu rembet ku rungkun jukut jaringao jeung eurih. Sakapeung gugurawilan dina dapuran awi bari leungeun sabeulah nyekelan méteran. Bras ka nu rada lémprah, kuring niténan sabudeureun éta tempat. Geuning cai curug téh ngamuhara ka walungan leutik nu ngembat sapanjang lahan piaparteméneun. Sanggeus méré tanda jeung cutat-catet tina klinometer, kuring neruskeun leumpang mapay sisi walungan. Layung beuki hibar nandakeun panonpoé sakeudeung deui surup.

Di tungtung gawir kuring ngarandeg. Tadina rék masang tanda di dinya ngan rada ngarempod. Gawir téh meredong jiga guha, jaba nyuruluk cai hérang ngagenclang. Sorana séah padahal caina teu pati sabaraha gedé. Dibabadé ku kuring, ieu meureun nu ngaranna hulu cai téh. Awor jeung séahna cai, hawar-hawar kadéngé jiga aya nu ngaharéwos. Teuing bener teuing dédéngéan pédah kuring sieun.

“Jang, omat salametkeun ieu tempat. Di dieu aya indung kahirupan.” Kadéngé sababaraha kali. Nu panungtung mah jiga maké ého. Kuring rungah-ringeuh néangan asal éta sora nu ngaharéwos bari muringak bulu punduk. Ngawani-wani manéh ngarérét ka jero guha bari babacaan sabisa-bisa. Gebeg, rey muriding saawak-awak.

Katempo aya nu ngagelong hérang dua siki sagedé bal tenis. Teu pati écés mangkluk naon-naonna mah. Nu puguh mah aya nu elél-elélan jiga létah nyabang dua. Héos, aya angin ngahiliwir neumbrag beungeut. Reup téténjoan asa poék. Kuring teu inget di bumi alam.

*

Héong sirine ambulan asa nobros kana gegebir ceuli. Koréjat kuring hudang bari luak-lieuk. Gigireun aya nu ngajepat bari maké selang oksigén. Sukuna dibaguded ku pereban jeung di-𝑔𝑖𝑝 ku papan. “Ieu di mana? Aya naon? Réréncangan abdi kunaon?” Puk-pek kuring nanya ka saurang lalaki, papakéan bodas, nu keur nyekelan tabung oksigén. Si lalaki ngantelkeun curuk kana biwirna.

“Bapak dan teman Bapak sedang dalam ambulan menuju rumah sakit. Teman Bapak digigit ular dan Bapak pingsan,” témbal si lalaki satengah ngaharéwos.

Kuring ngahuleng bari nginget-nginget naon rupa nu geus kaalaman tadi soré. Angin peuting ngahiliwir neumbrag beunget, teuing ti mana jolna. Hawar-hawar kadéngé deui sora nu ngaharéwos, “Omat, salametkeun ieu tempat. Di dieu aya indung kahirupan.” Ayeuna mah éta sora awor jeung pagaliwotana patalimarga di jalan kota, peuting harita. **

(Lédeng, 13 Séptémber 2021)

Oesep Kurniadi
Oesep Kurniadi

Pribadi yang suka menulis dan pecinta alam yang ingin memajukan dunia pendidikan Indonesia

5 Komentar

  1. Sae nyari sagalana mung aya carita dina keur ngukur taneuh naha nu saurang jadi bareng turunnya ?

  2. Wah ngiring muringkak bulu punduk Kang🤭

  3. Harewos anu mudah-mudahan ogé dugi kana pangdanguna para pangagung.

  4. Maca ieu carita nepika muringkak kang. mudah2an akang tiasa janten salah sahiji nu ka gerak hatena kangge ngajagi tempat eta ti pengembang nu bakal ngarusak ka eta tempat..

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *