DIPILARI: NU KERSA NAMPI “ANUGERAH PANGRUMAT BASA INDUNG 2021”

Ku Dadan Sutisna

Sok remen kapireng, aya kamelang yén sarakan urang baris jadi banda deungeun. Malah geus ratusan, dina teu ngarébuna gé, ngaran-ngaran tempat di Tatar Sunda nu maké basa batur. Dina enyana kawas kitu, ari basa Sunda mah ulah nepi ka lapur. Apan éta téh ciri yén urang jadi bagian tina hiji sélér. Basa mah moal bisa direbut batur, sapanjang dikukut kénéh dina létah jeung diturunkeun ka anak incu.

Bawirasa, danget ieu mah réa kénéh nu ngarasa reugreug. Lantaran génerasi X-Y makalangan kénéh. Apan réa nu paséhat kana basa jeung bisa nerangkeun unak-anikna. Tapi mun nyawang 30—50 taun ka hareup, sanajan hamo terang persisna, kila-kilana mah meureun geus aya. Dina mangsa éta, téknologi duka geus kumaha, lantaran naon nu ayeuna dianggap canggih tangtu bakal jadi barang kuno. Bakal aya di mana ari posisi basa Sunda?

Saméméh ngimpleng ka dinya, danget ieu urang geus nyaksian kumaha géjlogna pangaweruh antara hiji entragan jeung entragan sapandeurieunana. Antara nu diasuh ku buku jeung nu digedékeun ku pakakas digital. Upama henteu disambungkeun, beuki lila tambah anggang. Lain hal mustahil mun hiji mangsa rundayan Sunda ngarasa ahéng ku basa karuhunna sorangan.

Mémang di dunya mah hamo aya nu lana. Kaasup sual basa. Tapi sapanjang aya kasempetan mah, taya bayana ditarékahan. Dalah nu tara nyarita basa Sunda mah gé tangtu satuju yén basa indung téh kudu diraksa-diriksa. Moal sapati-pati UNESCO nyaluyuan déklarasi Poé Basa Indung Internasional, mun teu nganggap penting kana hiji basa. Lain saukur alat komunikasi, tapi aya ajén-inajén budaya di satukangeunana.

Ayeuna téh maju ka taun-taun nu genting. Konsumsi kana barang digital beuki ngajaul. Da méméhna mah iraha teuing urang maké zum-zuman sagala rupa. Tapi nu kieu téh hamo bisa dipondah, geus jadi bagian tina usik-lilirna jaman. Moal lila deui, urang gé boa nyaksian tumpurna média citak, kaasup nu maké basa Sunda. Ku kituna, basa Sunda kudu bisa ngigelan jeung ngigelkeun téknologi digital. Ngarah teu kagugusur nepi ka tumpur.

Ayeuna, urang bisa ngupahan sorangan, lantaran nu maké basa Sunda kawilang réa. Generasi X-Y loba kénéh balad-baladna, jadi can tangtu ngarasa yén basa Sunda keur tihothat di médan laga. Panyatur basa Sunda cenah aya 30-an juta, éta cék statistik. Tapi urang gé sigana perlu ngalieuk, yén kontén digital dina internét téh dikawasa ku 40-an basa. Posisi basa Sunda, aya dina 0,01 persén bari pacampur jeung ratusan basa séjén nu nasibna sarua. Hartina, jumlah panyatur gé teu nangtukeun kakuatan.

Keur babandingan, panyatur basa Éstonia ukur sajutaan, tapi bisa milu “ngawasa” kontén dina internét. Basa Maori di Selandia Baru geus rék tilem, tapi bisa hudang deui bari makalangan. Éta mah gumantung ketak nu boga basa. Ari basa Sunda mah can jadi itungan dina kontén digital.

Pentingna hiji basa nyieun stratégi nyanghareupan alam digital téh, remen disabit ku UNESCO saban miéling Poé Basa Indung Internasional. Ieu téh teu bisa dilakonan ku individu, teu bisa diteumbleuhkeun ka hiji lembaga, hamo bisa séwang-séwangan, tapi kudu rempug jukung babarengan. Lain ukur bahan diskusi, FGD, néangan modél, atawa seminar jeung sajabana deuih. Komo mun hasilna henteu prak dilaksanakeun, rékoméndasi téh teu ngencar tina catetan.

PANGRUMAT BASA INDUNG DINA ALAM DIGITAL

Ladang babadamian téh, nya antukna mah jadi rencana acara kawas dina poster. Eukeur mah usum sasalad kénéh, tangtu hésé abreg-abregan ruang-riung téh, katurug-turug jejerna gé apan pasualan digital. “Mekarkeun Basa Sunda dina Alam Digital”, éta nu kaimpleng keur ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional taun ieu téh.

Réa pisan kelemeng acara téh, tapi apan perlu ngukur kana kaayaan, komo keur usum werit kieu mah. Sabada diitung-itung, tina sakitu pasanggiri téh bakal aya 27 pinunjul, keur hadiahna perlu sakitu puluh juta. Tacan keur itu-ieuna. Lian ti “Pasanggiri Tarucing Cakra Basa Sunda dina Internét” nu geus ditanggel ku Prof. Ganjar Kurnia, jeung “Lomba Website Aksara Sunda” alpukahna PANDI, nu séjénna mah tacan aya wewengan. Tapi urang lakonan baé.

Ancer-ancerna mah, sakur nu paheuyeuk dina kagiatan miéling Poé Basa Indung Internasional 2021, bari digundukkeun dina dokumén “Pangrumat Basa Indung” tuluy dipasrahkeun ka pirang-pirang pihak, di antarana ka UNESCO. Wawakil ti UNESCO bisa baé ngahadiran puncak acara, upama mémang aya pangbagéa ti urang, pangpangna ti kagungan kakawasaan. Naha bet UNESCO? Apan biheung aya Poé Basa Indung Internasional mun taya déklarasi ti UNESCO. Udagan séjénna, némbongkeun ketak basa Sunda ka masarakat dunya.

Saha baé, bisa milu jadi bagian tina “Pangrumat Basa Indung dina Alam Digital” ku cara:

[1]Ngeusian gentong pangrojong (donasi) kana acara-acara kawas nu kaunggel dina poster. Ieu acara tangtu waé merelukeun waragad, tur nepi ka danget mah rék dilakonan réréongan. Laporan saha-saha baé nu nyumbang, jeung dipaké naon baé, baris ditembrakkeun ka publik dina wéb acara. Kahéman Sadérék kana basa indung, mugia mawa kabarokahan di dunya jeung ahérat.

[2]Jadi pamilon dina salah sahiji pasanggiri (najan miluan kabéh gé meunang). Ngaran Sadérék tangtu dicatet, tur lamun kapilih jadi piunggul, bakal meunang hadiah deuih.

[3]Nyieun kagiatan lianna maké konsép digital. Di luareun pasanggiri jeung acara dina poster, Sadérék bisa nyieun acara lianna, boh ngawakilan pribadi, boh komunitas atawa lembaga.

[4]Ngariksa jeung ngamekarkeun basa Sunda dina média digital. Grup Facebook, cénel Yutub, akun nu sok posting waé maké basa Sunda, éta mah bakal otomatis dicatet.

[5]Nepikeun kamandang, harepan, atawa tarékah keur basa Sunda satengah abad ka hareup (bacaeun anak incu jaga). Nu ieu mah bakal disayagikeun tempatna, jadi bisa ngimpleng ti ayeuna kénéh.

Rupina, sakitu heula baé minangka bubuka. Langkung écés ngeunaan ieu kagiatan, tiasa ngontak ka nomer-nomer di handap:

Dadan Sutisna (081320608670)

Dhipa Galuh Purba (081313830177),

Miftahul Malik (08112311143)

Apipudin (081320380476)

Atawa buka baé wébna: https://singrancage.id

Oesep Kurniadi
Oesep Kurniadi

Pribadi yang suka menulis dan pecinta alam yang ingin memajukan dunia pendidikan Indonesia

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *