Héy jurig cai nu ngawasa kantong hujan,nu ngeukeup ieu pepedut. Pangunjalkeun pihujaneun nu ngumpul di beulah kidul, nu mayak di beulah wétan, nu ngagelong beulah kulon, lébérna di beulah kalér.Nya unjal ka beulah dieu, di dieu bangbang koléntang.
Bumi garing lemah centang, nya tangkal geus ngarangrangan, daun garing geus ngalakay, akar sangar taneuh angar, walungan saat ngolétrak, barudak geus cadu mandi.Jung geura unjal, kucurkeun sing jadi hujan, emratkeun nya di tegalan mbéh jukut jadina ngémploh, céborkeun di leuweung ganggong panonoban jurig onom, budalkeun di unggal balong mbéh bangkong seuri kang kéng kong.Baeu gémbol indung cai nu numpi dina halimun, aruykeun di pasawahan ngarah belut arendogan, gebrétkeun tuh di leuwi, leuwi asih ciparanti, paranti mojang jeung lanjang bobogohan sakasuka bari nyimplung icikibung. Bung, bung, bung ….
Buruhna tah rujak kembang, cikopi reujeung kalapa, punjulna tah roko siong beunang ngunun tujuh taun.Gerrr… hujan!
Hyang Purwa Galuh